:

1 Korinta 8

1

Ayeuna sual susuguh pikeun brahala, anu ku aranjeun ditulis dina surat. Aya anu majar, "Urang mah kabeh geus nyaho." Puguh nyaho tea mah. Tapi kanyaho teh nungtun kana takabur, sabalikna ari kanyaah mah ngawangun kapribadian.

2

Anu majar geus loba kanyaho teh saenyana kanyahona can sabaraha.

3

Sabalikna jelema anu enya-enya nyaah ka Allah, tangtu ku Allah dikenal.

4

Sual ngadahar susuguh pikeun brahala, kieu: Urang terang brahala teh ngagambarkeun hal anu saenyana mah teu aya. Urang terang, Allah teh ngan hiji.

5

Memang aya anu disebut "allah-allah", aya nu di langit, aya nu di bumi. Malah nu disebut "allah" jeung "gusti" teh loba.

6

Tapi pikeun urang mah tetep Allah teh hiji, anu jumeneng Rama, anu ngajadikeun saniskara, tempat ngabaktikeun hirup urang; jeung ngan hiji Gusti, nya eta Yesus Kristus, anu jadi lantaran ayana saniskara, anu ngalantarankeun urang hirup.

7

Henteu kabeh jelema nyaho kana hal ieu. Jelema anu baretona nyembah ka brahala, nepi ka ayeuna oge masih keneh percaya susuguh anu disuguhkeun ka brahala teh ngan dahareun brahala. Jadi lamun ngadahar eta manehna ngarasa dosa. Pang kitu teh lantaran kayakinanana tacan ajeg.

8

Padahal saenyana kadaharan mah moal bisa leuwih ngaraketkeun hirup urang ka Allah. Teu ngadahar moal rugi, ngadahar moal untung.

9

Tapi omat, najan aranjeun geus nyaho yen meunang ngadahar eta, ulah matak batur anu kayakinanana tacan ajeg labuh kana dosa.

10

Kieu contona: Lamun aranjeun anu geus "nyaraho" kana hal eta, katenjoeun ku anu imanna tacan ajeg keur dahar dina upacara di tempat brahala, bisa jadi eta jelema teh asa dicontoan nepi ka tuluy ngawani-wanikeun maneh milu ngadahar kadaharan anu geus disuguhkeun ka brahala.

11

Lamun nepi ka kitu, eta jelema, dulur urang keneh, anu oge geus disalametkeun ku karana pupusna Kristus, tangtu cilaka. Eta "kanyaho" aranjeun teh nyilakakeun manehna.

12

Sarta ku lantaran kitu aranjeun oge jadi dosa, geus ngalantaran batur sasama Kristen labuh kana dosa jeung ngaraheutan kayakinanana anu kurang ajeg.

13

Nu matak sim kuring mah lamun nyaho aya kadaharan atawa daging anu matak ngaraheutan hate batur, atawa matak ngalantarankeun batur dosa, saumur hirup ge moal ngadahar.

Link: